Posted by: yusagusyana | 15 April, 2008
Indonesia teh salah sahiji nagara anu masalah mayar internet ka ISP kaasup nagara anu mahal tur kurang gancang, eta ge mun dibandingkeun jeung nagara tatangga beh kaler atawa nagara tatangga beh wetan pon kitu deui ti nagara-nagara romawi-eropa jeung amerika utara. Kusabab mahal jeung kurang gancang jadi rada ngarulik pikeun naekeun bandwidth na.
Anu kusimkuring kantos dicobianteh nyaeta ngaggunakeun software router MIKROTIK,
MIKROTIK : Salah sahiji distro linux anu dikekerkeun pikeun jadi router anu nyongcolang tur sanggup ngalayanan sambungan internet anu loba tur beurat , dihubungkeun jeung kamampuan hardware.
SOFTWARE : waragad lembut/emoy/……
HARDWARE : waragad heuras/…………
Tags: 2, dua, gabung, koneksi, speedy
Posted by: yusagusyana | 15 April, 2008
Cara-cara pikeun muka jalur internet anu diblokir ku admin jaringan atanapi network administrator anu ku kuring dipikainget teh nyaeta :
1. Tunnelling
2. Anonymous Proxy
ieu cara teh kukuring kapanggih dina bahasa indonesia ti blog-na Heri Sufehmi ;
sedengkeun lamun tina blog asing mah salah sahijina tina torrent freak anu nerangkeun
carana ngabuka port anu diblok ku admin pikeun sambungan p2p;
p2p = sambungan internet diantara dua komputer kucara langsung teu nggunakeun server.
1. Tunneling
tunneling : ngagunakeun koneksi langsung ka server internet ngaggunakeun protokol ssh (port22),
umumna sistem operasina ngagunakeun unix. ; dina sistem operasi windows supaya koneksi bisa nggunakeun software putty.
dihandap ieu ku kuring bakal dijelaskeun carana anu pernah dipake ku kuring.
*) anu nulis teu tanggung jawab kana sagala hal anu bakal kajadian dina make cara-cara anu ditulis bieu; bisa jeung henteuna jadi resiko sorangan.
Tags: blok, buka, internet, poxy
Posted by: yusagusyana | 4 April, 2008
Sim kuring kantos maos seratan Pa Ajip yen basa sunda teh mun bisa mah jadi basa ilmiah, tah eta pamendak teh ceuk kuring kacida alusna mun dicobaan saeutik-saeutik sugan wae bisa. Nya salah sahiji ngaggunakeun ieu blog, kusabab blog salah sahiji cara gaul anu modern tur ngalatih urang pikeun nulis, pokona mah nulis weh heula. ari alus jeung henteunamah etamah nuturkeun ku latihan.
Tinu ngeunaan poe basa indung dina bulan Maret teh cenah mun basa indung teu diajarkeun ti kolot ka anakna, kira100 tahun deui basa sunda anu mangrupa basa indung teh bakal leungit tina kabudayaan di dunya teh. tah sugan ku nulis blog anu aya hubunganna jeung IT sugan rada Ilmiah, Kitu mereun. Kring oge teu apal ari ilmiah ngagunakeun basa sunda teh kumaha?
Tags: Bahasa, basa, ilmiah, sunda
Posted by: yusagusyana | 4 April, 2008
Salam ka sadayana ! kuring teh hoyong diajar nyerat ngangge basa sunda, sugan weh aya tapakna.
Tags: sunda, tepang, wilujeng